Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema
biasa. Sakabeh sasatoan hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu
dianggap mush ku sasatoan teh ngan hiji, nyaeta paninggaran.
Hiji
poe si kuda Sebra jeung si Lutung keur ngalobrol.
“Tung
jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya?” ceuk si
kuda Sebra
“Enya
nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si Merah mah, buluna mani
rupa-rupa, “ tembal si Lutung.
“Tung,
kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur!” ceuk
si kuda Sebra.
“Hayu
bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh, sesa
eta patani ngecet saungna” tembal si Lutung.
Bral
bae si Sebra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran
di imah patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung.
“bae
lah cek hideung oge” ceuk si Sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka Si
Sebra jeung si Lutung.
Kacaritakeun
si Sebra jeung si Lutung sasadian rek mulas bulu maranehna.
“urang heula ah nu dipulasna” ceuk si Sebra, “Sok bae lah”
tembal si Lutung bari prak mulas bulu si Sebra. Ari Warnana teh geus disatujuan
ku duanana oge, nyaeta warna belang. Ku sabab bulu si sebra mah bodas, nya
warna buluna teh jadi hideung bodas, mani alus katenjona oge.
Sanggeus bulu si Sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si
Sebra mulas bulu si Lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si Sebra teh rek
dikatempat nu rada luhur, kakara ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit
teh suku si Sebra digegel sireum. Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag
ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si Lutung
jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh warna hideung.
Jaman baheula – baheula ge baheula deui – aya hiji lembur
anu gegek jiwana. Pengeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi
pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe
ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung
suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh
ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna
ngabatik.
Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek
ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan.
Manehna kacida atoheunana, lantaran bakal make baju alus jeung make samping
weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu
bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka
ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari
neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di langit.
Di jero hatena manehna ngecewis, “mana teuing senangna mun
aing boga bentang pikeun cucuk gelung” karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu
ngempur cahyaan rag rag kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug
kadenge ku manehna aya sora tan katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang
ku maneh pikeun cucuk geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan
batur maneh, lantaran teu meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh
teu meunang ngomong sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran
sombong, ie bentang baris leungit teu puguh-puguh”
Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal
boga pikiran jeung ngomong sombong.
Isukna, Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehnas
katenjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi
Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh
muji kageulisanana. Ku lantaran kitu, manehna mikir, “kacida senangna
dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan anu panggeulisna lantaran make
cucuk geulung bentang, “karek oge mikir kitu, cucuk geulung bentang teh
ujug-ujug leungit”
“Ih Marini geuning leungit cucuk geulung maneh teh” ceuk
salahsaurang baturna. Marini kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen
manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna hanjakaleunana.
Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk
geulung nu leungit tea, nepi ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh
teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di
jero hatena manehna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang
tarima.
“Ieu marini, cucuk geulung maneh tek kapanggih” ceuk
salasaurang baturna. Nyi Marini atoheunana. Tuluy manehna nyalukan
batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal usulna eta cucuk geulung bentang
teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna kuring embung make cucuk geulung
bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan”
Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh
dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna
disebut Cika-cika, cenah!
GAGAK PINTER
Kacaritakeun di urang kungsi halodo kacida. Nu dimaksud ku halodo kacidana teh
halodo pisan.Henteu ari nepi ka teu ayamah. Nu ngarala cai kudu jauh sabab dinu
deukeut mah geus teu aya. Wahangan saat, talaga ngoletrak, sirah cai ge nu biasana
ngagelenggeng ka luarna ukur sagede cinggir. Sumawona ledeng jeung sumur geus
teu caian.
Waktu halodo kacida nu susah kucai teh lain ngan jelema. Sato hewan jeung
tutuwuhan ge saenyana susah. Kacaritakeun dina jaman kitu, aya gagak kacida
halabhabeunana hayang nginum . Neangan cai ka wahangan jeung talaga mah teu
manggih. Ngan kebeneran atuh dina gentong dina hiji saung nu jauh ka ditu ka
dieu bet aya cai. Hanjakal caina saeutik ukur sapertiluna meureun.
Si gagak teh euntreup dina biwir gentong tuluy
nyoba-nyoba ngarongkong cai ku pamatukna. Ngan hanjakal teu katepi teu
antel-antel acan. Ari rek ancrub sieuneun tilelep. Ku sabab kitu gagak
teh bati gereget, kieu teu bisa kitu teu bisa, ari cai sidik aya.
Gagak uleng mikiran cara ngala cai tina gentong.
Sanggeus kapikir, susuganan cai tea rek dibaledog ku batu. Upama aya nu ngecret
gancang dipacok.
Ku cara kitu sugan bisa ngubaran halahabna. Teori eta
ku manehna dipraktekkeun. Hanjakal hasilna kurang nyugemakeun.Ku kitu tea mah
newak cai nu ngecret ku pamatukna henteu gampang.
Tapi ku mindeng maledogkeun batu kana gentong,
beungeut cai naek. Sihoreng saban batu ngalelep. Nyeredkeun cai ka luhur. Tina
pangalaman pamaledog, gagak baki getol ngasupkeun batu kana gentong. Teu
dibaledogkeun deui kawas tadi, da najan aya nu ngacret oge hese newakna,
diasupkeun biasa we.
Sanggeus manehna bulak-balik ngasupkeun batu aya kana
ratusan kali, tetla beungeut cai dina gentong naek ka luhur, sarta bisa
dirongkong ku pamatukna. Geus kitu mah gagak teh ngaleklek we nginum
saseubeuhna.Sato-sato sejen mah usum halodo banget harita ripuh neangan cai.
Manehna mah alhamdulillah da boga dina gentong.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar